Sedih Kingkin
Karya:Suherman Komara,S.Pd.
Disimbut kuhalimun nu alum
Digeberan angin anu rintih nambah kasedih
Ati peurih tambah katurih
Gupay salira matak tikelay
Teuteup enung matak katenung
Nambih sedih ngageris rasa
Nulawas teukapiroséa
Rumasa
Kuring pernah kasarung
Migandrung ka nu anyar tepung
Rumasa kuring ka larung
Kana jungkrang nu longkéwang
Hampura Nung
Kuring geus nyacah kalbu salira
Hampura geulis
Kuring geus nyeuit deui tapak tatu salira
Dicutat tina buku “Simpay Asih
Karya Suherman Komara
Post a Comment