BREAKING NEWS

Thursday, October 13, 2022

Kasumba

Kasumba
Karya:Suherman Komara,S.Pd.

Sumber Bing Image


Geter ati mimiti ngajaladri
Aweuhanana séah ngaguruh jeroning ati
Sésélékét sumarambah jeroeun manah
Tagiwur rasa nambah katugenah

Hariring angin nebak basisir
Matak ketir
Ngangkleungkeun raga nu cik kénéh balayar
Ngubek kalangkang salira nu lawas teukatempo ngaringkang

Dina lambaran pulas kasumba
Kalam pasini urang pernah dikotrétkeun
Tali pasini pageuh ngahiji
Hamo pisah moal rék incah

Kiwari...lambaran kasumba boléas
Asih anjeun lawas laas
Kecap jeung ketak anjeun ngaruhak
Ngagugudag ngaduruk lambaran kasumba

Dicutat tina buku “Simpay Asih
Karya Suherman Komara


Post a Comment

 
Copyright © 2022 PGRI CABANG CIPEUNDEUY Dioprek Inan Kito.