BREAKING NEWS

Tuesday, October 11, 2022

Lawung Di Mumunggang Gunung

Lawung Di Mumunggang Gunung
Karya: Suherman Komara,S.Pd.

Sumber: Bing Image


Sapanjang jalan nu disorang
Ngabulungbung leucir nepi ka mumunggang gunung
Gupay pucuk daun camara
Ngahiap-hiap kedal ucap pangbagéa

Luak-léok tikungan teu ka itung malah mah kalah kérok
Geter haté mimiti teger sabada nyorang lelewang jungkrang
Salira katawis gugupay ti mumunggang

Bagja nyaliara marengan imut salira
Méga haté nu tadi maleukmeuk
Kiwari béngras nyacas
Guligah nyingraykeun sagala katugenah

Lawung di mumunggang gunung
Munggaran urang patepung
Rarasaan awor jeung kelun halimun
Nu nyimbutan katresna urang duaan

Dicutat tina buku “Simpay Asih
Karya Suherman Komara

Post a Comment

 
Copyright © 2022 PGRI CABANG CIPEUNDEUY Dioprek Inan Kito.