Lolongkrang Haté
Karya:Suherman Komara,S.Pd.
Sumber foto: Bing Foto
Gebur kasono
Mimiti hibar tina sela-sela panto katresna
Séséléké mapay-mapay lolongkrang haté
Sumarambah nepi kana bayah
Panon mencrong melong kosong
Jero haté norowéco
Sasambat ka nu dipigandrung
Salira nu lawas pundung
Lolongkrang haté enyay-enyayan
Ari ras émut ka salira nu kapihéman
Geter ati beuki ngagedur
Marengan rasa asih nu dipoporékeun
Bongan sorangan
Salah sorangan
Antukna lolongkrang haté tambah gudawang
Di sasaak ku rasa kamelang
Post a Comment