Talaga Wening
Karya:Suherman Komara,S.Pd.
Hawar-hawar angin leutik ngahariring
Aweuhanana rintih ngusapan pucuk entéh palebah lamping
Harita mangsa rumangsang
Marengan kuring nu mawa ringkang
Jlog léngkah anjlog ka sisi talaga
Nu nyacas ngagenyas hérang caina
Paneuteup nanceb ka tengah Talaga
Marengan papatong nu ucang anggé luhureun kemang taraté
Tiis ceuli hérang mata
Éstuning ku matak genah tumaninah
Mépéndé rarungsing haté
Ngusir kaketir nyieuhkeun rasa kamelang
Teusadar
Awak ngalungsar di sisi Talaga
Haté norowéco nyusud waktu
Harita jeung si manéhna... di dieu di Talaga Wening
Post a Comment