Gandrung
Karya:Suherman Komara,S.Pd.
Katebak ku angin lirih nu nyulusup
Nyingraykeun lalangsé haté nu mimiti paburencay
Hiber kapakan néangan lamping pikeun nyanding
Dahan rasa beuki rosa méh-méhan mites
Geus lawas ampir ngarangrangan
Migandrung hujan katresna nu lawas halodo
Panjang pangharepan
Hiji mangsa cur maseuhan rohangan ati nu mimiti garing
Kuring gandrung
Miharep layung datang meuntaskeun salira Nung
Kuring gandrung
Neuteup rambut salira nu riab mapay-mapay sisi katumbiri
Ringkang anjeun kumalayang
Minuhan jomantara
Ringkang anjeun
ngolébat
Minuhan jagat
Kieu rasana gandrung
Rarasaan teu empéh kumalayang
Lamping teubosen disungsi
Jungkrang ditéang sugan aya anjeun sidéngdang
Dicutat tina buku “Simpay Asih
Karya Suherman Komara
Post a Comment