BREAKING NEWS

Friday, September 30, 2022

Simpay Asih

Simpay Asih
Karya:Suherman Komara,S.Pd.

Simpay Asih

Tepang munggaran mangsa balébat sumirat
Marengan jangjang peuting nu mimiti minggat
Salira imut ngagelenyu ngaborélak lir cai ibun
Nu ngeclak tina sela-sela daun

Gelenyu kareueut imut salira ngahudang geugeut
Linduh teuteup salira anteb ngantengkeun katineung
Gupay katresnana salira atra
Nyaliara nyaksrak dina lolongkrang rasa

Simpay asih mimiti pageuh meungkeut
Naratas rasa nu mimiti ngolébat dina rindat
Layung asih surti ngajujurung mageuhkeun paheut
Pamustungana,kuring wakca dibarengan ku ngempurna layung

Lélépén nu meulit dina jariji ngajadi saksi nyimpayna asih
Angkaribungna mawa ranggeuyan katresna
Sarta ngaruntuyna runtuyan kahéman
Disambut ku ranggeuman kanyaah manah salira Nung


Post a Comment

 
Copyright © 2022 PGRI CABANG CIPEUNDEUY Dioprek Inan Kito.